Cari Blog Ini

Minggu, 05 September 2010

Babasan Sunda

Abang-abang lambe
kecap abang dina ieu babasan hartina beureum. Ari lembe nyaeta lambey atawa biwir nu gunana di antarana keur nyarita. babasan abang-abang lembe hartina nyarita ukur pikeun ngageunahkeun hate batur wungkul, tapi teu terus jeung hate atawa teu jeung prakna. aya istilah NATO, Nato didieu lain north atlantic organitation tapi No Action Talk Only nu ngandung harti loba saur tanpa bukur loba nyarita tanpa nyata, loba ngomong tapi teu jeung prakna.

Adat kakurung ku iga
kecap adat hartina tabeat atawa kabiasaan. ungkara kakurung ku iga nuduhkeun aya dina jero iga. ari iga teh nyaeta tulang anu aya dina awak urang antara dada jeung tonggong, handapeun kelek (ingkab), luhureun cangkeng.
babasan ieu ngandung harti adat (tabeat atawa kabiasaan)goreng anu ges meneuh atawa matuh, tur hese dipiceun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar